Rabu, 25 April 2012

Nyaring !!

Nu gering batin..... ngahening ngariksa diri
ati katampias nyeri eta surti
nu gering pikir ....nalungtik mangsa kiwari
rea rasa kabengbat ku kamonesan

Keur batin...enya nu alus mo kasilih nu goreng
keur pikiran...enya dunya sagalana
keun nu milih pipilih
keun nu hariwang barangsiar
mugi weh urang Sunda teu sasab saenengna
mugi tiasa eling ka jati eling wiwitan
da pangrasa hate tara sulaya.... bener kaambeu bau kaangseu
da paningal hate mah moal ngabobodo

Tidak ada komentar:

Posting Komentar